Thursday, December 27, 2018

Lagu Sunda Klasik Hariring Kuring Tati Salieh





Hariring Kuring  Vokal : Tati Salieh



Tengah peuting keur jemplang jempling

Kuring nyaring, teu geunah cicing

Hate melang, sumoreang

Buah ati, lawas teu patepang



Cuang cieung, kuring sorangan

Nunggeulis di pangumbaraan

Lieuk deungeun lieuk lain

Taya pisan geusan pamuntangan



Rek sasambat ka saha nya nyambat

Suwung dulur, walurat sobat

Sangsang badan, nitipkeun nya diri

Iwal ti ka Gusti Sang Hyang Widhi



Hiliwirkeun, duh angin peuting

Pangnepikeun hariring kuring

Kajungjunan nu ngantosan

Kawih ati nu keur rungsing pusing



Portret van een Javaanse vrouw in traditionele kleding, Anonymous, 1880 - 1910

No comments:

Post a Comment

Mahoni Leisure Pondok Mahoni Pamoyanan Sukaraja

Mahoni Leisure bisa di tempuh kurang lebih 10 menit dari terminal Sukaraja,tepat di depan perum Grand Sutra yang setiap harinya buka da...